TI LEMBUR KA KOTA



 Autobiografi 

Salalar ngeunaan Hafidz Ali Zuhdi


    Kuring Hafidz Ali Zuhdi, nénéh na Hafidz, lahir di Bogor, tanggal 6 Maret 2003. Ngaran Hafidz téh dicokot tina majalah, hanjakal kuring teu apal naon judul majalah na. Harita, kungsi maca éta majalah nepi ka manggihan ngaran Hafidz Ali Zuhdi. Ngaran éta dicokot téh lantaran ayan garan bapa di tengahna. Kuring anak kaopat ti Muhamad Ali jeung Uun Kartiyah. Ari lanceuk Kuring aya Fathiyakan, Muthiah Nur Annisa, jeung Nida Nafisah. Kulawarga kuring bisa disebut sederhana. Bapa kuring, harita  damel di konvéksi, lantaran covid19 kamari éta kovéksi jadi tutup. Indung kuring mah sapopoé téh di rorompok hungkul, jadi ibu rumah tangga téa.
8

    Kulawarga kuring sabenerna lain asli Sunda. Bapa kuring turunan Flores, Indung kuring Betawi. Taun 2000 kuring sakulawarga jeung pun Nini ngalih ti Jakarta ka Bogor. Dugi ka ayeuna geus aya 24 taun cicing di Bogor. Harita kuring can lahir, tapi ceuk pun Nini, Bogor dina taun sakitu kacida asri na. Kawas rumpaka “Bogor kota indah sejuk nyaman” dina rumpaka lagu Tegar Beriman téh bener karasa kumaha sejuk jeung éndah Bogor harita.

Sakola di lembur    

Kuring ngawitan diajar téh di TK Nurul Huda nu aya di lembur. Waktu asup sakola dasar, mimiti na mah kuring sakola di SD IT PUI. Aya kana saminggu, lantaran dibully, kuring pindah sekolah ka SD Cinangneng 01 nu ayana henteu jauh ti lembur, ngan ukur sababaraha menit leumpang. Sakola dasar dibarengan ogé ku sakola Madrasah. Harita, ngawitan sekolah madrasah téh bada lohor sanggeus sekolah dasar isuk isuk na. Ku lantaran di lembur téa, ti harita dugi ka ayeuna éta sekolah SD téh teu boga lapangan, atuh salila SD téh kuring mah teu kungsi ngalaman upacara. Ari keur olahraga mah biasana ka lapang nu aya di lembur kuring.

Waktu Sakola dasar, kuring bisa disebut salasahiji murid nu pinter. Upama kana juara kelas mah unggal taun gé meunang waé. Nepi ka basa kelas genep mah kuring jadi pangantén, ari anu dipilih téh anu juara hiji jeung dua.    Sakola di lembur teu nyieun kuring jadi teu bisa bersaing jeung sekolah nu di kota, pangna waktu kelas 1, 2, 3, jeung 5 kuring milu lomba di kacamatan jeung di kabupatén. Ku milu lomba éta téh mangrupa conto yén sekolah di lembur ogé lain hahalang keur urang bisa bersaing. 

Sanggeus tamat ti SD, kuring nuluykeun sakola ka SMPN 1 Tenjolaya. Di SMP mah kuring mimiti milu ekstrakulikulér Pramuka. Waktu kelas dalapan, kuring kapilih jadi Pratama Putra, éta téh pangalaman anu matak bungah. Kagiatan salila di Pramuka téh rupa rupa, aya lomba, Jambore, lalampahan, jeung camping. Kuring ogé kungsi miluan Jambore Daerah sa- Jawa Barat di Kiara Payung Sumedang taun 2017. Salian ti loba kagiatan, Pramuka ogé ngajarkeun kuring keur leuwih mandiri. Kuring jadi leuwih disiplin, kajaba jadi pratama mah, kuring téh bakal ditingali ku nu lianna. Kuring bisa ngabagi waktu antara sekolah jeung pramuka, sanajan aktif di Pramuka, kuring ogé kungsi miluan Lomba Olimpiade Sains Nasional kelas 7 jeung 8. Memang teu meunang, tapi éta hiji pangalaman nu penting keur kuring.

SMA jeung Kuliah

Lulus ti SMP, Kuring neruskeun sekolah ka SMAN 1 Ciampea. Sakola téh lain di Tenjolaya deui, ayeuna mah rada ka kota, memang lain kota pisan, tapi kualitas pendidikan na geus leuwih alus. Di SMA, kuring mimiti mikirkeun kumaha kahirupan kahareupna. Kuring resep kana élmu sosial, tapi ogé miboga minat kana sains. Nu matak, kuring milih jurusan IPA, lantaran kuring hayang engké na bisa milih rék daftar ka jurusan mana waé kuliah na.



Waktu SMA, kuring miluan deui Pramuka, teu jadi pratama kawas SMP, ayeuna mah jadi juru adat. Kagiatan pramuka na mah ampir sarua saperti SMP, ngan di SMA Kuring leuwih loba milu lomba. Ari kana juara mah kaasup mindeng, kajaba sakola Kuring harita boga julukan “Macan Bogor Barat”. Lomba lomba nu kungsi kaalaman ku Kuring aya lomba PBB, debat, jeung Variasi Formasi. Kuring ogé kungsi jadi Pupuhu Calagara Lomba Karya Lintas Desa XI sa- Bogor Raya.


Sanggeus lulus SMA taun 2021, Kuring asup ka Universitas Pendidikan Indonesia di Bandung, Prodi Pendidikan Bahasa Sunda. Teu babari bisa asup ka UPI, lantaran teu katarima maké jalur SNMPTN, kudu miluan deui UTBK SBMPTN. Alhamdulillah sanggeus tes, katarima. Harita masih kénéh dina kaayaan sasalad covid19, atuh kuliah teh sacara daring. Aya kana dua seméster kuliah daring téh, semestér tilu mimiti ka Bandung. Keur ngeusi kagiatan salila dua seméster daring téh milu Dewan Kerja Ranting Tenjolaya. Harita kuring jadi Ketua Bidang Kajian Kepramukaan, lantaran kudu ka Bandung, jadi milu Pergantian Antar Waktu ngarah bisa diganti posisina ku nu séjén.

Di seméster hiji, kungsi milu Lomba Karya Tulis Ilmiah Nasional di Universitas Negeri Medan (online), Alhamdulillah kuring jeung kelompok jadi pinunjul katilu. Bungah pisan. Mimiti kuliah, bisa milu lomba tingkat nasional. Salian ti éta, aktif di himpunan ogé di UKM Kampus. Ari di Himpunan mah kungsi jadi Girang Serat Subbidang Karohanian (2022), Anggota Subbidang Karohanian (2023), Girang Serat Diklat Turus (2022), Girang Serat Mitra Sunda (2023), Koordinator Divisi Médis Bendé Rancagé (2023). Ari di UKM mah jadi anggota GenQ 36 BAQI UPI.
                                    





Salian ti kagiatan kampus, ayeuna asup kana komunitas Inderapura Outdoor. Salasahiji komunitas nu aya di Bogor. Ayeuna mah geus mimiti seméster tujuh, geus mulai fokus kana lalampahan sanggeus kuliah téh rék ka mana. Tangtu waé skripsi atawa artikel mah geus mimiti disarungsum.

Sakitu salalar ngeunaan Kuring. Mugia mangpaat kanggo nu maca.










Hafidz Ali Zuhdi
2108135
Bandung, 17 Séptémber 2024

Komentar