BIOGRAFI INOHONG

 BIOGRAFI ABDULLAH MUSTAPPA

    

Abdullah Mustappa. Salasahiji tokoh penting dina kasusastraan Sunda. Masarakat Sunda utamina anu sok nongton TVRI Bandung pasti teu bireuk deui ningali anjeunna dina acara talkshow “Bruk-brak”. Saacan abus ka dunya pertélévisian, anjeunna geus nga-langlangbuana dina média percitakan (koran jeung majalah). Lain saukur digawé hungkul di média citak téh, tapi anjeunna produktif ogé ngahasilkeun karya tulis. Abdullah Mustappa gumelar di Sangojar, Désa Selaawi, Kacamatan Limbangan, Garut 18 Nopémber 1945. 

Mimiti Resep Maca

    Abdullah Mustappa téh harita nyuprih élmu di SR Selaawi Limbangan (1952-1958), SMP Ganesha Bandung (1959-1961), jeung SMA YPU Bandung (1961-1964). Aya carita nu matak ngirut dibalik karesepna Abdullah Mustappa kana maca. Nya waktu di SR. Dina kondisi jaman harita, letak geografis sakola nu jauh ti kota jeung kasusah transportasi, teu jadi halangan pikeun buku jeung bahan bacaan murid nepi ka sakola. Beda jeung ayeuna, dina kaayaan gampang sagalana, masih teu aya jaminan buku jeung bahan bacaan bakal nepi ka leungeun murid. Éta salah sahiji pesen anjeunna. ditepikeun salila ngobrol babarengan.

Gampangna jeung murahna buku ogé bahan bacaan basa di SR jadi salah sahiji faktor pendukung hobby/karesep anjeunna maca buku. Tétéla, di balik gampangna buku jeung bahan bacaan di sakola, aya jasa guru waktu harita anu mawa buku-buku ti kecamatan ka sakola. Dumasar kana carita jahat, jarak sakola jeung kecamatan kira-kira 8 KM jeung diaksés ku sapédah. Salian macaan buku ti sakola, Abdullah Mustappa sok maca buku ogé majalah jeung baturna di béngkél. Aya montir anu resep maca ogé, tuluy anjeunna milu maca di bengkel.

Karya, Prestasi jeung Karir

    Tina pikiran kréatifna, geus loba tulisan jeung karya-karya anu dipedalkeun. Ti kawit artikel dina koran nepi ka novél. Ieu sababraha karya anjeunna ti mangsa ka mangsa. Lembur Singkur (novel, 1979, 2001, 2018, 2022); Nu Teu Kungsi Kalisankeun (Kumpulan Cerpen, 1985); Mikung (novel, 1985); Wirahma Sajak (buku pelajaran sastra, 1985); Hang Tuah (cerita anak, 2020); Taréh Rosululloh (cerita anak, 1995); Cihaliwung Nunjang Ngidul (novel, 1998); Muhammad al amin (Serial tareh Rasulullah #1, 1994); Di mana Muhammad (Serial tareh Rasulullah #3, 1994); La ilaha ilallah (Serial tareh Rasulullah #4, 1994); Cilaka! Abu Lahab (Serial tareh Rasulullah #2, 1994); Pijar Aksara: dua windu rumah baca buku Sunda (2020); Majalah Sunda [sumber elektronis]: ragam jurnalistik Sunda melawan komunis (2018); Titimangsa [sumber elektronis]: 68 sajak alit (2018); oge anu enggal nyaeta “Carita Nu Duaan” anu kénging panghargaan sastra Rancagé 2024. 



    Anjeunna tos ngalaman jadi Koresponden majalah Mimbar (1972), lajeng jadi wartawan Manglé (1974-1985), lajeng  Wapemred Manglé (1978-1985), tuluy Koresponden majalah Tempo (1977-1981), lajeng jadi Direktur penerbit Pustaka Karsa Sunda (1985-1988), lajeng Redpel Galura (1988-2000), tuluy jadi Redaktur opini Pikiran Rakyat (2001-2003).

    Tina sawatara karya ogé hasil tina kréatifitasna mampuh meunangkeun sababaraha panghargaan. Di taun 1970-an anjeunna jadi pinunjul Sayembara “Mengarang Novelet Kartini” sarta jadi pinunjul ka-tilu dina Sayembara “Penulisan Esai Amir Hamzah/Pusat Bahasa”.Tuluy Hadiah Jurnalistik Zulharmans bidang Esai Jurnalistik taun 1997. Taun 2001 anjeunna nampi Anugrah Jurnalistik H.Moh.Koerdi dina bidang esai jurnalistik. Sateuacanna di taun 1996 anjeunna nampi Hadiah Sastra Samsoedi pikeun buku bacaan barudak karanganana “Taréh Rosululloh”. Ayeuna mah anjeunna tos pangsiun, anjeunna boga waktu nu réa di imah, bisa pokus kana maca anu geus jadi karesepna ti leutik jaman di SR kénéh. 



“Teu kudu hayang jadi populér, nu penting urang bisa mangpaat keur balaréa. Sanaos naon nu dipilampah ngan ukur hal leutik”
Abdullah Mustappa











Bandung, 2024.


Hafidz Ali Zuhdi





Komentar