UCING SUMPUT
Naskah Drama Barudak
Tokoh
1. Udin : sok heureuy
2. Dito : resep ulin
3. Rina : surti ka babaturan
4. Tina : pangleutikna
5. Pa RT : wijaksana
Babak 1
Adegan 1 : Di lapang
Udin, Dito, Rina, jeung Tina keur arulin
Dialog *
Dito : “Asa tos lami teu susumputan nya? Hayu ah urang susumputan!”
Rina : “Hayu, tapi urang gambréng heula.”
Udin : “Satuju! Nu éléh jadi ucing!”
Tina : “Hayuu!”
(udin nu jadi ucing)
Udin : “Yah, geuning uing nu éléh. Sok uing heula nu jadi ucing.”
Adegan 2 : Di Lapang
Udin mulai ngitung, nu séjén gura-giru néangan tempat keur nyumput
Dialog *
Udin : “Hiji.... dua.... tilu...”
Rina : “Tina, ka dieu! Urang nyumput tukangeun tatangkalan!”
Tina : “Dito, rék nyumput di mana?”
Dito : “Uing mah rék nyumput di buruan imah, deukeut kandang hayam.”
(itungan ka sapuluh Udin langsung néangan babaturanna)
Adegan 3 : Di lapang
Udin néangan babaturanna nu nyarumput
Udin : “Ah moal jauh ti dieu geura.”
Udin : (Tina kapanggih) “Hong Tina!”
Tina : “Ih, gancang pisan kapanggihna!”
Adegan 4 : Di lapang
Dito masih can kapanggih
Udin : (leumpang dekeut ka kandang hayam) “Dito cigana aya di dieu!”
Dito : (ngajol hareupeun Udin) “Hayoh! Uing heula nu manggihan!”
Udin : “Aéh! Ngareureuas waé!”
Adegan 5 : Di lapang
(Pa RT Datang)
Pa RT : “Hayohh, keur arulin naon ieu? Kadé tong burit teuing, bisi diculik ku kalong wéwé”
Rina : “Muhun, Pa. Moal lami teuing. Kin saacan adan badé langsung wangsul.”
Pa RT : ”Omat nya! Kedap deui tos kedah uih!”
Babak 2
Adegan 1
(barudak beuki resep arulin)
Dito : “Ayeuna bagéan Uing nu ucing!”
Udin : “Sok geura tutupan mata na! Tong ngintip!”
Rina : “Enyaa, sok geura itung!”
Adegan 2
(Udin manggihan tempat alus jeung nyumput)
Udin : “Moal kapanggih mun nyumput di dieu mah.”
Dito : “Hiji.... dua.... tilu....”
Rina : “Tina, hayu urang nyumput tukangeun pager!”
Tina : “Tungguan!”
Adegan 3
Dito : “Hayohh! Kapanggih!”
Tina : “Ahh, kapanggihan waé!”
Rina : “Enya euyy.”
Dito : “Teu nanaon atuh, Uing gé tadi kapanggih tiheula.”
Rina : “Sok Dit, Si Udin téangan heula!”
Adegan 4
(Udin masih di tempat nyumput na)
Udin : “Asyik! Urang mah teu kapanggih euy.”
Dito : “Di mana nya Si Udin, asa hésé kieu ditéanganana.”
Komentar
Posting Komentar