SI PUCUK KALUMPANG

 SI PUCUK KALUMPANG

Naskah Adaptasi Dongeng




Tokoh

1. Ki Waruga
2. Ambu Waruga
3. Nini Paraji
4. Si Pucuk Kalumpang
5. Kangjeng Raja
6. Kangjeng Patih
7. Si Jelug (Hayam ki Waruga)
(Property disaluyukeun)

Babak 1

Adegan 1 : Di Buruan imah
Ki Waruga keur maraban Si Jelug
Ki Waruga : “Kop dahar sing loba Jelug! Ambéh kuat lamun diadu.” (Bari minuhan wadah parab Si Jelug) 
Si Jelug : “Kongkorongokk! Kurang loba! Kurang loba!”
Ki Waruga : “Tah! Geus ditambahan ku Uing.”
Si Jelug : “Kongkorongok! Ngeunah! Ngeunah!”

Adegan 2 : Di tengah imah
Ki waruga keur ngasah bedog bari ngobrol jeung Ambu Waruga 
Ki Waruga : “Ayeuna digawé di dieu geus hararésé. Kuring rék ka dayeuh, sugan aya nu bisa digawéan di ditu mah.”
Ambu Waruga : “Atuh tong ka dayeuh! Kapan ieu geus bulanna! Kumaha lamun Akang keur di ditu tuluy Kuring babar?”
Ki Waruga : “Maké jeung nanya kumaha! Kari borojol atuh. Omat! Lamun lalaki, rawat sing taliti! Lamun awéwé, tong loba omong! Langsung paéhan tuluy parabkeun ka Si Jelug!
Ambu Waruga : “Aehhh, kapan ieu téh anak Urang! Lalaki atawa awéwé gé ku Kuring mah arék dirawat.”
Ki Waruga : “Wani ngalawan ka Aing!” (Bari ngacungkeun bedog nu keur diasah) Lamun sia embung maéhan anak, Sia nu ku Aing cacag tuluy diparabkeun ka Si Jelug!”
Ambu Waruga : “Ampun... ampun... Kuring nurut!” (bari sujud ménta ampun) 

Adegan 3 : Di imah
Kakara sapoé Ki Waruga mangkat, Ambu Waruga langsung babar. Kabeneran harita Nini paraji keur ngaliwat.
Ambu Waruga : Tulung... Kuring geus teu kuat!”
Nini Paraji nu keur ngaliwat langsung néangkeun Ambu Waruga.
Nini Paraji : “Kunaon Nyai?”
Ambu Waruga : “Ieu tos teu kiat.” (bari nampanan beuteung)
Nini Paraji : “Sok ku Abdi dibantuan.”
(Nini Paraji asup ka imah Ambu Waruga)
Nini Paraji : “Geura ngagolér!”
Ambu Waruga : “Tulung.....tulung....”
Nini Paraji : “Tahan Nyai..tahan..!”
Pucuk Kalumpang : “Eakk...eakk..”
Nini Paraji : “Geulis pisan orok téh, mani cahyaan kieu.” (Bari ngais orok Pucuk Kalumpang)
Lain gumbira, Ambu Waruga kalah katingali hariwangeun pédah orokna awéwé. Sanggeus dicaritakeun ka Nini Paraji, Si Pucuk Kalumpang tuluy dibawa ka imah Nini Paraji di leuweung.

Adegan 4
Si Pucuk Kalumpang kacida dipikanyaahna ku Nini Paraji. Dirawatan nepi ka gedéna. Si Pucuk Kalumpang diajarkeun rupa-rupa kaparigelan, mimiti masak, nepi ka ninun. Manéhna sok dikawihan ogé ku Nini Paraji.
(Nampilkeun kagiatan sapopoé Si Pucuk Kalumpang jeung Nini Paraji).

Adegan 5 
Waktu Ki Waruga balik ti dayeuh, manéhna apal yén pamajikan na geus babar. Tuluy ditanyakeun ka mana ayeuna orok téh. Ambu Waruga ngan bisa ngabohong, lantaran embung anakna dijadikeun parab Si Jelug.

Babak 2

Adegan 1 : Di buruan imah
Ki Waruga keur maraban Si Jelug
Si Jelug : “Kukuruyuk...can ngadahar daging. Kukuruyuk....kakara bali na hungkul.”
Ki Waruga : “Dasar pamajikan teh nurut, keun siah!”

Adegan 2 : Di tengah imah
Ngadéngé éta, Ki Waruga kacida ambekna. Manéhna tuluy néangkeun pamajikanna.
Ambu Waruga : “Ampun... Kuring salah, ampun...”
Ki Waruga : “Heug ayeuna kénéh téangan anak sia! Kudu kapanggih! Lamun henteu, Sia nu dijadikeun parab Si Jelug!”
Ambu Waruga tuluy lumpat ka leuweung bari ceurik.

Adegan 3 : Di imah Nini Paraji
Ambu Waruga : “Pucuk Kalumpang, ieu Ambu. Hayu ka bumi, Abah tos mulang ti dayeuh!”
Pucuk Kalumpang : “Antosan Ambu, Kuring keur ninun samping kanggo Abah.”
Tuluy Ambu Waruga balik deui ka imahna. Bébéja ka Ki Waruga, Si Pucuk Kalumpang can bisa balik. Di imah Ki Waruga keur ngasah bedog sakitu lobana.

Adegan 4 : Imah Nini Paraji
Ambu Waruga néang Si Pucuk Kalumpang deui ka imah Nini Paraji. Harita samping keur Bapana geus bérés ditinun.
Ambu Waruga : “Hayu nyai! Abah tos ngantosan di bumi.”
Pucuk Kalumpang : “Muhun Ambu.”

Adegan 5 : Di Buruan imah
Sanggeus nepi Si Pucuk Kalumpang langsung dibawa ka buruan imah. Manéhna dititah naék kana tarajé anu titincakanana tina bedog.
Samping anu meunang ninun, dipaké keur alas ku Ki Waruga. Mimiti naék, potong sukuna, nepi ka sirahna hungkul. Ambu Waruga teu bisa kukumaha, ngan ukur bisa ceurik tuluy ngurebkeun sirah jeung popotongan awak Si Pucuk Kalumpang nu aya diluhureun samping.








Bandung, 2024.



Hafidz Ali Zuhdi

Komentar