SISINDIRAN
Rarakitan
Lamun hayang bala-bala
Kudu daék nyieunana
Lamun hayang hirup bagja
Kudu daék usahana
Lamun hayang buah jambu
Kudu ngala na tangkalna
Lamun hayang réa élmu
Kudu daék diajarna
Lamun hayang ka jakarta
Ulah poho kana mandi
Lamun hayang dipercaya
Ulah poho kana jangji
Lamun eukeur ngala entéh
Ulah bari ngala bonténg
Lamun urang leutik kénéh
Ulah loba ngomong goréng
Ka mana jalan ka pasar
Ka ditu ka belah wétan
Ka mana mun hayang dahar
Ka ditu ka tukang ketan
Kuring mah alim ka Bogor
Hayang ka cikonéng baé
Kuring mah lain ngabodor
Hayang ka si enéng baé
Aya lampu na tanjakan
Dihalangan lampu cina
Aya istri geulis pisan
Dihalangan salakina
Kuring mah alim sakola
Hayang geura ulin baé
Kuring mah alim ka randa
Hayang nu can kawin baé
Ka mana jalan ka palu
Ka ditu ka belah wétan
Ka mana néangan élmu
Ka ditu ka sakolaan
Lamun hayang bisa gitar
Kudu getol diajarna
Lamun hayang jadi beunghar
Kudu getol digawéna
Paparikan
Aya oray dina tangkal
Katingali liwat kaca
Lamun hayang réa akal
Kudu getol kana maca
Ka talaga bari ulin
Barang bawa pas balikna
Lamun ibadahna rajin
Bakal babari hirupna
Ka mana jalan ka Bogor
Ka ditu ka leuweung kolot
Hirup ulah loba bodor
Paéh teu nungguan kolot
Meuncit hayam maké péso
Nu sok hiber manuk gagak
Lain kuring henteu rédo
Tapi matak jadi cagak
Hujan gedé matak tiris
Jelema mani balaga
Barang téh kacida awis
Padahal mah teu sapira
Lain hiji lain dua
Émutna baé ka salira
Lainna hayang midua
Geulisna kabina-bina
Baju hideung dikancingan
Baju bodas nu si Dali
Manéhna keur duduaan
Ngan hanjakal jeung lalaki
Ka ditu ka pamancingan
Jeujeur useup tina awi
Ulah daék duduaan
Lamun lain jeung salaki
Nongton pélem Upin Ipin
Si Mail naék sapédah
Lamun embung jadi miskin
Ulah eureunan ibadah
Cau ambon cau raja
Manuk leutik di buruan
Lamun hayang hirup bagja
Sing bisa silih tulungan
Wawangsalan
Pentilna tangkal kai
Asmara nu matak liwung
Iwung
Pakakas paranti ngarit
Tinggal dina kamelang
Parang
Sok dipake nyetel lagu
Sora nyawa kari sakesetan
Kasét
Sato nu leumpangna nyangigir
Ngeuteuyeup na lelembutan
Keuyeup
Paranti mirun seuneu
Kulawu na rasa nu teu kungsi kebat
Hawu
Bahan jang nutupan pingping
Ceu oyah ngagoreng emping
Samping
Kembang beureum cucukan
Lamun meuli kudu nawar
Mawar
Alat keur komunikasi
Kuring mah beuki kelepon
Telepon
Alat paranti solat
Kudu getol ka ibadah
Sajadah
Hejo leutik sok aya di sawah
Émut baé ka salira
Simeut
Komentar
Posting Komentar