SAJAK
1
Wanci burit kapeutingnakeun
Hujan gede dibarung ku angin
Sora guludug mani tarik
Asa pagedrug jeung sora ceurik
Hanjakal teu bisa dikedalkeun
kanyeri di jero ati
2
Gusti
Hampura Abdi
Sok poho mawas diri
Kana ibadah sok lali
Sok ngarasa diri suci
Gusti
Handeuleum nyimbutan ati
Poek matak teu katingali
Padahal hidayah hareureun Abdi
Tapi diri nu teu wani
Ninggalkeun hiasan di bumi
3
Wanci tunggang gunung
Langit ceudeum kawas pundung
Hujan ogé mulai turun
Ngadukung kuring nu keur murung
Hujan masih kénéh turun
Aya rasa anu anyar muncul
Geuning sono ka anjeunna
Mugia dijaga gusti nu maha kuasa
Ahh....
Cimata geus teu bisa ditahan
Tilu taun geus kalangkung
Duka ka mana Anjeunna
Kanyaah kuring nu dipikacinta
4
Kuring geus cape nunggu
Ti beurang nepi ka peuting
Iraha Manéhna datang
Ayeuna can aya kabar
Sabulan geus kaliwat
Kuring nunggu nu teu pasti
5
Gusti
Teuing sakumaha lobana
Meureun jiga cai di sagara
Kawas buah dina tangkal
Jiga keusik di basisir
Gusti
Hampura kuring
Sok tara eling
Kuring sumerah
Sumujud luhur sajadah
Rumpaka Lagu
SUMANGET TOLABULILMI
Hayu dulur reujeung kanca
ngaji bagbagan agama
urang ngalap berekahna
neuleuman élmu-élmuna
Hayu dulur reujeung kanca
nyungsi élmu ti ulama
tong lali cukcruk sanadna
manteng dugi ka Rasulna
Hayu dulur reujeung kanca
niat ibadah ka Gusti
gedurkeun sumanget iklas
ngaji saréat ti Nabi
Komentar
Posting Komentar