PUPUH

 PUPUH

Kinanti 

Kuring anu lila nunggu
Iraha manéhna datang
Ceunah rék datang kiwari
Tapi kamana ayeuna
Kadeudeuh di jero ati

Sinom

Élmu pada naréangan
Néangan élmu pangarti
Tantu perelu duanana
Matak tingtrin kana ati
Pangaweruh tangtu pasti
Lalampahan bisa jauh
Méh hasil sapaneja
Kadé poho lemah cai
Élmu pasti mangpaat dunya ahérat

Dangdanggula

Kabupatén Bogor kota asri
Kudu bener ngarawatanana
Kaéndahan tangtu témbong
Lain ukur disebut
Komo mun ngan dipikir-pikir
Lain ukur ditata
Urang kudu mampu
Kudu mampu ngajagana
Warga kudu silih surti sawiati
Ngajaga alam urang

Asmarandana

Éling -éling mangka éling
Kudu inget ka pangeran
Ulah sok patukang tonggong
Mun salah geura tobatan
Lamun ka dulur nyaah
Ka baturan bakal butuh
Ka baturan masing lebar

Maskumambang

Manusa mah kudu loba kana mikir
Urang bakal mulang
Mulang nyanghareup ka Gusti
Kudu jadi piémutan

Pucung

Manusa mah kudu boga babaturan
Keur silih tulungan
Ngarah bisa silih surti
Lamun kitu urang bisa babarengan

Balakbak

Aya mojang di masigit geulis pisan, ngaréndéng
Awéwéna nu keur ngaji alus pisan, sihoréng
Lalakina lalakina nu keur ngaji di masigit, nyanggéréng

Magatru

Lemah cai ancur lamun teh alakur
Pajabatna teu paduli
Rahayatna gedé hulu
Lamun hayang tingtrim nagri
Kudu akur sapapaos

Durma

Lamun hirup urang kudu babarengan
Baturan keur babakti
Keur ngalap berekah
Bekel keur lalampahan
Ngarah ati jadi tingtrim
Urang gé bagja
Tintring jeroning ati

Wirangrong

Barudak kudu ngalarti
Ulah daék jadi boloon
Kudu getol nyiar élmu
Kudu panceg dina ati
Bekel urang keur di dunya
Ngalap berekah pangeran



Komentar