KADUHUNG
Fiksi Mini
Geus tilu poé kaliwat sanggeus kuring kabur ti lembur. Mawa duit keur mayar SPP sakola, enya, ngan lima rébu. Duit keur mayar SPP téh moal dibayarkeun, da apal rék kabur jadi ngahaja ngabohong ka Indung. Geus teu mikiran salah bener, ngan hayang bébas ti Indung. Pangpangna moal aya budak nu daék dipapatahan unggal poé. Poé kalima, duit meunang ngabohong téh béak, kuring rék balik. Urusan jeung Indung mah kumaha di imah wéh, tapi naha geuning hareupeun imah kuring aya bandéra konéng. Kuring gancang lumpat, di jero aya kang Tarman. ”Ambu? Mana Ambu Kuring? Kang Tarman Ambu di mana?” Kang Tarman némbalan semu ngadat ”Tah! Ambu sia téh unggal poé néangan, nepi ka poho dahar jeung balik. Ari sia jadi anak euweuh nyaahna pisan ka kolot sorangan!” Kuring ceurik, ngarasa hanjakal ninggalkeun Indung sorangan demi néang kabébasan nu teu puguh tujuanana.”Kuring hanjakal Ya Allah, tepangkeun deui Kuring jeung Ambu”.
Bandung, 2024
Hafidz Ali Zuhdi

Komentar
Posting Komentar