GUGURITAN

 GUGURITAN


Urang  kudu nyaho waktu
Ulah poho ati ati
Urang téh keur lalampahan
Lampahna di alam bumi
Kudu tumut ka pangeran
Ulah nepi ka migusti

Urang kudu nyaho waktu
Poé Senén nu mimiti
Kudu loba ka ibadah
Sabab maot téh teh pasti
Lamun di dunya geus taat
Di ahérat ogé pasti

Urang kudu nyaho waktu
Kudu loba mawas diri
Poé Salasa kadua
Ibadah mah lanjut deui
Sok sanajan ngan sorangan
Bakti nyanghareup ka Gusti

Urang kudu nyaho waktu
Di dunya sing ati-ati
Kudu panceg titincakan
Laku lampah sing dijagi
Ka kolot kudu mihormat
Ngalap berekah ka gusti

Poé rebo nu katilu
Dua poé ti mimiti
Kudu boga babaturan
Ngarah bisa ngeunteung diri
Salah aya nu ngémutan
Urang bisa silih surti

Urang kudu nyaho waktu
Nu kaopat poé kemis
Bisa puasa nu sunah
Éta téh sunah ti Nabi
Hayang jadi ahli sunah
Ulah poho maca hadits

Urang kudu nyaho waktu
Lampah hirup kudu pasti
Ngarah hirup bisa bagja
Lalakon sing ati-ati
Nu kalima mah Jumaah
Poé nu loba berekah

Urang kudu nyaho waktu
Kudu panceg dina ati
Jumaah anu berekah
Poé karesepna Nabi
Poé nu kacida éndah
Tong poho maca Al-kahfi

Urang kudu nyaho waktu
Kudu rajin mawas diri
Manusa tempatna salah
Ulah nepi ka migusti
Unggal poé kudu tobat
Kapan maot mah teu pasti

Urang kudu nyaho waktu
Pangéran mah ukur hiji
Kudu bener lalampahan
Ngalap berekah ka Gusti
Ulah poho ka Pangéran
Sing émut ka para Nabi



Komentar