GARA-GARA WARISAN

 "Gara-gara Warisan"

Genre: Komedi

Jumlah Babak: 2

Jumlah Adegan per Babak: 5

Sinopsis:

Nyaritakeun hiji kulawarga anu cicing di palemburan. Hiji waktu, aya kabar yén Aki nu geus lila maot boga warisan anu loba. Loba kajadian anu lucu salila anak jeung incuna rebutan warisan. Antukna maranéhna sadar yén anu leuwih penting téh lain harta, tapi kulawarga éta sorangan.

________________________________________

Babak 1: 

Warisan Ki Barja

Adegan 1:

Lokasi: Imah Karna

Tokoh: Karna, Mirna (pamajikanna), Yana (anak Karna).

Karna keur haré-haré ngagolér dina korsi imahna. Jol datang Mirna mawa surat ti Pangacara.

Mirna : ”Akang, ieu aya surat.”

Karna : ”Surat ti saha deui Néng? Kapan ceuk Akang ogé tong loba checkout barang teu paruguh, di kirim surat kan ku Bank!”

Mirna : ”Ari Akang. Ieu mah lain surat ti Bank. Ieu mah surat cinta ti salingkuhan Enéng. Heug siah ditinggalkeun ku Abdi!”

Karna : ”Jangan Juliet, Aku mohon jangan tinggalkan Aku!” (bari nyekelan leungeun Mirna)

Mirna : ”Apakah kamu rela mati demi Aku Roma?”

Karna : ”Tentu saja Juliani agustus september januari maret. Aku rela mati demi Kamu.”

Mirna : ”Bagus, bererti ieu warisan ti Aki Barja keur Abdi sadayana.” (seuri jahat)

Teu lila datang Ujang nu katingali bingung ningali kalakuan Indung Bapana anu jiga budak.

Ujang : “Aki saha deui, Mah?!”

Tidinya obrolan warisan tuluy dibahas nepi ka peuting.

________________________________________

Adegan 2:

Lokasi: Kantor pengacara.

Tokoh: Pengacara, Karna, Mirna, Ujang.

Karna sakulawarga datang ka kantor Pengacara. Arék nanyakeun masalah warisan téa, tapi anéh, lantaran Pengacarana salah waé nyebut ngaran.

Pengacara : ”Dengan keluarga Bapa Burhan ya?”

Karna : ”Sanés, Bapa. Abdi mah Karna, badé naroskeun warisan ti Aki Barja téa, Pa.”

Pengacara : ”Owalaah, Baik Pa Marna. Kalau boleh tau hubungan dengan Aki Diharja sebagai apa ya?”

Karna : ”Sanés Marna  Pa, Karna. Éta ogé Ki Barja, sanés Diharja. Aya ogé pamajikan Abdi, ieu Mirna.”

Pengacara : ”Mohon maaf Pa. Saya memang ada masalah dengan ingatan jangka pendek. Kalau tidak salah, insomnia namanya. Tapi ingatan mantan pacar tidak pernah lupa.” (bari ngelapan cimata)

Mirna : ”Naha Pengacara téh anéh kieu, kawas jelema gering! Bener teu ieu téh Kang?” (Mirna ngaharewos tapi kadéngé ku nu séjén)

Pengacara : ”Langsung ke inti saja, Pa. Warisan yang ditinggalkan adalah barang yang sangat berharga.”

Tono langsung ngabayangkeun mobil mewah, lamun Mirna ngabayangkeun emas batangan.

Ujang : “ Sawah di Mars nya Pa Pengacara?”

Ngadéngé Ujang ngomong kitu, atuh sareuri kabéhan.

________________________________________

Adegan 3:

Lokasi: Buruan imah.

Tokoh: Karna, Mirna, Ujang, Mang Darman (tatangga).

Mang Darman milu ramé basa ngadéngé Karna sakulawarga rék meunang warisan. Mang darman katelah sok ikut campur masalah batur. 

Mang Darman : ”Abdi mah apal, Ki Barja mah sok nyimpen hartana di tempat anu anéh.

Karna : ”Naha? Kuring anu turunana gé teu apal.”

Mang Darman : ”Saha heula atuh? Darman Prikitiww téa atuh. Ké Abdi ménta lima peresén nya.” 

Mirna : ”Ngeunah waé ngomong téh, sok ka ditu! Sawahna gé aya di Mars!”

Mang Darman : ”Naon ari Mars téh Nyai? Anu lalaguan téa nya?”

Ujang : ”Sanés Mars anu éta atuh, Mang. Cenah sagala nyaho, ari Mars hungkul gé teu apal. Mars téh bulan sanggeus Pébruari.”

Karna : ”Beuki ngararaco jelema téh!” (bari ngaléos ka jero imah)

________________________________________

Adegan 4:

Lokasi: Warung Bi Yati

Tokoh: Tono, Mirna, Bi Yati 

Karna leumpang bari kakawihan 

Karna

”Karna Karna jelema beunghar

Loba warisanana

Karna Karna jelema beunghar

Warisan ti Aki Barja”

Bi Yati : ”Asa lain kitu rumpakana.”

Karna : ”Hiji, dua, tilu, opat, lima, sapuluh. Bi Yati pang nyieunkeun kopi sapuluh! Ieu nu di dieu ku Kuring dibayarna.”

Warga : ”Asikkk, keur loba duit yeuh!”

Karna : ”Kantenan atuh, sok sok tong isin-isin. Kapan biasana gé ngisinkeun. Yahaha heureuy Kuring mah.” 

Mirna nu apaleun mulai teu resep soalna jadi loba nu ikut campur.

________________________________________

Adegan 5:

Lokasi: Kamar.

Tokoh: Karna, Mirna.

Peutingna, Karna jeung Mirna keukeuh ngarebutkeun rencana sorangan-sorangan. 

Karna : ”Pokona éta warisan ku Akang rék dipaké meuli motor!”

Mirna : ”Ngeunah waé! Rék dipaké nyieun salon! Awas wéh lamun keukeuh hayang meuli motor, Mirna rék kabur ka salingkuhan!”

Ujang : “Ujang mah rék mésér Kapal, Mah!”

Lantaran keukeuh, Karna dititah saré dina korsi, panto kamar dikoncian ku Mirna.

________________________________________

Babak 2: 

Rusiah

Adegan 1:

Lokasi: Imah Pengacara.

Tokoh: Pengacara, Karna, Mirna, Ujang.

Antukna Pengacara mikeun warisan anu ngan kotak kayu leutik. Pas dibuka eusina ngan poto jeung surat.

Karna : ”Naon maksudna ieu, Pa! Kuring jauh-jauh ngan meunang kotak kieu hungkul?”

________________________________________

Adegan 2:

Lokasi: Dapur.

Tokoh: Karna, Mirna, Ujang.

Eusi surat téh aya teka-tekina. Karna dibantuan ku Ujang néangan jawabanana. Mirna sibuk masak Bari nyindiran salakina anu éléh ku anakna.

Mirna : ”Nya kitu doang gé teu bisa atuh, Pa. Éra tah ku godég. Leubeutna hungkul.”

Ujang : ”Hayu, Pa! Ieu dititah ka tangkal manggah di hareup.”

________________________________________

Adegan 3:

Lokasi: Tangkal Manggah.

Tokoh: Karna, Mirna, Ujang, Pak Darman.

Taneuh handapeun tangkal tuluy digali, arep-arep bakal manggih harta karun. Hanjakal waktu dibuka eusina ngan aya koper, dijerona poto-poto jeung surat cinta Ki Barja.

Karna kacida keuheulna, tapi Mirna atoh macaan surat nu eusina lalucu.

________________________________________

Adegan 4:

Lokasi: Ruang tamu.

Tokoh: Tono, Mirna, Ujang.

Ujang maca catetan poéan Ki Barja, anu eusina aya kalimah “Familia ante omnia” anu hartina kulawarga kudu dipayunkeun saacan nu séjén. Mirna terharu, tapi Karna kénéh kesel lantaran impian meuli motor moal jadi kanyataan.

________________________________________

Adegan 5:

Lokasi: Imah.

Tokoh: Karna, Mirna, Ujang.

Ujang mimiti nanya ka Mamah Bapana.

Ujang : ”Maksad tina kulawarga kedah dipayunkeun téh naon?”

Mirna : ”Maksadna, lamun aya nanaon téh kulawarga mah angger kedah jadi nomer hiji.”

Karna : ”Leres. Hiji mangsa urang bakal nyanghareupan rupa-rupa masalah, tapi kudu émut aya kulawarga nu tetep jadi nomer hiji jeung bakal tetep jadi imah keur urang.”

________________________________________

TAMAT.






Bandung, 2024.



Hafidz Ali Zuhdi

Komentar