KALANGKANG DI UJUNG PEUTING

 KALANGKANG DI UJUNG PEUTING

CARPON




    Hiji peuting nu tiis, angin ngahaliwir nembus buukna nu lurus. Asih diuk di juru kamarna bari neuteup kaayaan kota di tengah peuting nu masih ramé. Lampu kota nu sakitu caangna teu bisa nutupan kasedih di jero haté na. Hujan ngaririncik maturan cimata na nu teu bisa ditahan deui. Ingetan mangsa sakola liliwatan siligenti di jero pikiranna. Naha jadi kieu? Naha kuring téh boga salah naon gusti, naha hirup téh kieu kieu teuing.

    Asih neuteup pameunteuna dina kaca jandéla. Nanyakeun ka dirina sorangan saha ari manéhna ayeuna, naha kamana Asih nu harita hayang sakola di kota, hayang jadi guru. Ayeuna geus di kota naha teu nuluykeun sakola. Kahirupan di kota anu kacida abotna, jangji ti hiji lalaki nu ngalantarankeun Asih jadi kieu. Dina sababaraha bulan, manéhna kaleungitan sagalana. Ayeuna lain Asih nu boga kahayang keur sakola di kota, ngan aya Asih nu di jual ku sistem anu teu bisa ditinggalkeun.

    Ari kabutuhan geus kacumponan mah kuring bakal eureun digawé, pikirna di jero haté. Dina kanyataanana manéhna unggal peuting dangdanan, imut ka lalaki lalaki nu teu paduli saha manéhna. Geuning Asih téh jadi bonéka nu lucu, hanjakal teu resep, tapi teu apal kumaha carana sangkan bisa eureun dina kaayaan nu kawas kieu. Bayaran nu gampang jeung gaya hirup jadi alesan Asih hésé ninggalkeun ieu pagawéan.

    Hujan nu tadi ngaririncik bet beuki ngagebrét. Ujug ujug ngagedéan baé. Asih geus teu bisa nahan kasedihna. “ Naha kuring jadi kieu” omongna dareuda. Haténa kosong, saolah olah sakabéh warna nu aya dina kahirupan robah jadi warna hideung. Euweuh nu nyésa iwal rasa kaduhung.

    Ingetan jaman sakola liliwatan, manéhna inget yén harita mah boga kahayang, harepan jeung boga cita cita. Hanjakal ayeuna éta harepan, kahayang, jeung cita cita ngan ukur ilusi. Rasa putus asa jeung kaayaan jadi hahalang manéhna keur muhasabah diri. Imutna anu palsu geus teu bisa nutupan kasedih di jero haté na. Asa nineung kana kahirupanana harita, nu jauh ti kota. 

    Hiji waktu, aya lalaki nu datang ka kamar Asih. Teu kawas lalaki séjén, nu ngaluarkeun rupiah keur waktu jeung awak Asih, ieu lalaki mah boga karep keur ngadéngé carita Asih. Peuting éta, di kamar, Asih carita kumaha kahirupanna nu ancur, cita cita na anu geus moal bisa kacumponan. “Kuring nyesel”. Cék asih dareuda “Kuring nyesel jadi kawas kieu”. Éta lalaki ngan neuteup Asih, tuluy ngomong. “Sakabéh manusa nu aya di dunya téh pasti boga salah, tapi aya kénéh waktu keur urang. Hirup moal telat upama rék muhasabah”. Éta omongan lalaki téh jadi émutan keur Asih. Naha bener manéhna masih kénéh boga waktu keur ngabebenah kahirupanana?

    Isukna, Asih hudang dina kaayaan haté nu bungah. Pikirna bakal aya harepan keur ngabebenah kahirupanana. Mémang lain hal anu gampang, tapi Asih yakin ka dirina sorangan, yén manéhna bisa barobah. Asih apal dunya téh bakal angger ngaguluyur sakumaha biasana, tapi Asih moal gampang nyerah. Lalaunan Asih mulai ninggalkeun pagawéanana, ngumpulkeun kawani keur ngudag cita cita na harita. Sanaos loba hahalang jeung kasieun, Asih boga karep pikeun ngabebenah hirupna keur dirina sorangan, lain keur batur.

    Ayeuna pameunteu Asih di kaca jandéla geus béda, lain Asih nu sedih jeung leungit harepan, tapi Asih nu boga harepan keur ngabebenah kasalahan kasalahanna. Hirup mémang teu sampurna, piker Asih. Upama urang boga karep, pasti bakal aya waktu keur urang ngabebenah hirup, saeutik saeutik, lalaunan, saléngkah saléngkah.
Peuting éta, hujan nu ngaririncik jadi saksi Asih mulai nulis ulang kahirupanana.













Bandung, 2024.



Hafidz Ali Zuhdi

Komentar